Lasut Nyanggut Songtext
von The Panturas
Lasut Nyanggut Songtext
Aaaaa
Keun déwék nguseup sorangan
Paduli béntar, déwék siap meulah lautan
Jeujeur anyar, kukumbul hérang
Leuwih marahmay tibatan béntang
Rék ka hilir, rék ka girang
Ku déwék sihir, laukna beunang
Nyokot eupan, tong asal eupan
Méh lauk nyanggutna gancang pisan
Cokot teri atawa pélét
Sugan kabéh daék ngarérét
Genep jam lila déwék dagoan
Kakara pisan rék beubeunangan
Nu diarep tuna cakalang
Éh, nu nyanggut kalah jurig jarian
Lung ka hilir, siriwik ka girang
(Singhoréng beunang jurig jarian)
Rungsing kieu matak kapikiran
(Singhoréng beunang jurig jarian)
Ku jangjawokan ménta siluman
(Angger nu beunang jurig jarian)
Jampé jampé harupat, gera gedé, gera lumpat
Lain méré mangpaat, ngadon jadi ngabeubeurat

Lyrics powered by www.musixmatch.com